:

1 Babad 15

1

Keur anggoeunana Daud ngadamel gedong-gedong di Kota Daud. Tempat keur Peti Perjangjian Allah oge ngadamel, katut jeung kemahna.

2

Sanggeus kitu saurna, "Peti Perjangjian teh digotongna ngan kudu ku urang Lewi, sabab ngan maranehna anu ku PANGERAN geus dipilih purah ngagotongna jeung purah ngalalayananana teh, sapapanjangna."

3

Seug Daud marentah ngumpulkeun sakumna bangsa Israil ka Yerusalem, rek mindahkeun Peti Perjangjian ka tempat anu geus disadiakeun ku anjeunna.

4

Jalma-jalma turunan Harun jeung urang Lewi ku anjeunna diondang.

5

Urang Lewi anu datang ti golongan Kahat 120 urang, pamingpinna Uriel;

6

ti golongan Merari 220 urang, pamingpinna Asaya;

7

ti golongan Gerson 130 urang, pamingpinna Yoel;

8

ti golongan Elisapan 200 urang, pamingpinna Semaya;

9

ti golongan Hebron 80 urang, pamingpinna Eliel;

10

ti golongan Usiel 112 urang, pamingpinna Aminadab.

11

Daud nyaur Imam Sadok, Imam Abyatar, jeung pamingpin urang Lewi anu genepan tadi, nya eta Uriel, Asaya, Yoél, Semaya, Eliel, jeung Aminadab,

12

saurna ka maranehna, "Sarampean pamingpin golongan-golongan Lewi geura susuci jeung sakumna urang Lewi, pikeun mawa Peti Perjangjian GUSTI Allah Israil ka dieu, ka tempat beunang kaula nyadiakeun.

13

Bareto eta Peti digarotongna lain ku sarampean, nepi ka urang dihukum ku Gusti PANGERAN, lantaran ngabakti ka Mantenna teh henteu make tatakrama samistina."

14

Prak eta imam-imam jeung urang Lewi susuci, supaya meunang mindahkeun Peti Perjangjian GUSTI Allah Israil.

15

Sanggeus kitu Peti teh digotong ku urang Lewi make rancatan, prakprakanana sakumaha katangtuan ti PANGERAN anu diandikakeun ka Musa tea.

16

Para pamingpin urang Lewi ku Daud dipiwarang ngumpulkeun biduan-biduan urang Lewi, pikeun ngawihkeun lagu-lagu gumbira jeung pikeun narabeuh kacapi jeung kecrek.

17

Seug jalma-jalmana ku maranehna dipilih ti warga-warga anu baroga biduan, pikeun narabeuh kecrek tambaga. Nu kapilih: Heman bin Yoel jeung dulurna, Asap bin Berekya, jeung Etan bin Kusaya ti kaom Merari, dibantu ku urang Lewi sejenna anu kudu narabeuh kacapi sora luhur nya eta: Jakaria, Yaasiel, Semiramot, Yehiel, Uni, Eliab, Maaseya jeung Benaya. Pikeun narabeuh kacapi sora gede, urang Lewi anu kapilih: Matica, Elipelehu, Mikneya, Asasia, jeung duaan deui: Obed Edom jeung Yehiel tukang ngajaraga Bait Allah.

18

(15:17)

19

(15:17)

20

(15:17)

21

(15:17)

22

Kenanya ahli lalaguan, diangkat kudu mingpin tukang nabeuh.

23

Berekya, Elkana, Obed Edom jeung Yehia dipilih kudu ngajaraga Peti Perjangjian. Imam-imam Sebanya, Yosapat jeung Elieser kapilih kudu nariup tarompet heulaeun Peti Perjangjian.

24

(15:23)

25

Bral Daud angkat ka imah Obed Edom diiring ku para pamingpin jeung para panglima, arek nyandak Peti Perjangjian. Kabeh kacida galumbirana.

26

Sangkan pasti aya pitulung PANGERAN ka urang Lewi anu kudu ngagotong Peti tea, maranehna ngurbankeun tujuh sapi jalu jeung tujuh domba.

27

Daud, tukang-tukang nabeuh jeung Kenanya pamingpinna sarta urang Lewi anu ngagotong Peti Perjangjian, kabeh dijarubah lenen lemes. Daud mah nganggo epod ongkoh.

28

Peti Perjangjian digotong ka Yerusalem, diiring ku sakumna bangsa Israil dipirig ku surak ayeuh-ayeuhan pabaur jeung sora tatabeuhan, tarompet, tarompet tanduk, kecrek jeung kacapi anu ngalagu.

29

Barang gotongan Peti geus aya di dayeuh, Mikal binti Saul nempo tina jandela, ret ningali Raja Daud keur rerengkenekan jeung ajrug-ajrugan nembongkeun kagumbiraan, rey bae jadi asa cua ka anjeunna.

Link: